Back to Top
SASAKALA SITU WANAYASA
Situ Wanayasa téh kakoncara minangka pangjugjugan jalma pikeun niis jeung arulin sukan-sukan. Perenahna kiwari di Kacamatan Wanayasa. Ceuk carita kolot, cenah asal muasalna aya Situ Wanayasa téh kieu. Baheula, dina mangsa Wanayasa masih kénéh jadi kadaleman, kungsi aya kajadian halodo nu sakitu bangetna. Mangbulan-bulan taya pisan hujan sakeprul ogé. Sawah-sawah jadi angar, taneuh bareulah, kebon-kebon gararing. Atuh taya pepelakan nu bisa jadi lantaran taya pisan cai. Ari nu jadi dalem waktu harita nya éta Radén Aria Suriawinata anu katelah Dalem Santri. Kangjeng Dalem méh unggal poé kalaporan ku rahayatna ngeunaan kajadian balukar halodo téh. Unggal poé aya waé kajadian boh nu maot langlayeuseun atawa rahayat nu riributan alatan parebut cai. Dalem Santri               : “Mamang, kadieu!” Abdi Dalem                : “Muhun, mangga, sinuhun. Kula ngahaturkeun hormat” Dalem Santri               : “Mamang, kumaha kaayaan rahayat kawula?” Abdi Dalem                : “Ayeun