Back to Top
Latihan Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 1 - www.radenpedia.com


I. Cakra (X) dina salah sahiji aksara a, b atawa c dihareupeun jawaban anu pangmerenahna
Baca wacana dihandap

            Padamelan
Ramana Teti teh guru.
Padamelanana ngajar murid.
Tiap dinten ngajar basa Sunda.
Angkat ka sakola enjing keneh.
Mulihna siang.
            Ibuna Teti oge guru
            Padamelanana ngajar murid
            Janten guru padamelan mulya
            Angkat ka sakola siang
            Mulihna sonten
Ramana Tami patani
Damelna di sawah
Angkat damelna enjing-enjing
Mulihna bedug lohor
            Ibuna Tami damelna di bumi
            Damelna ngarawat rupi-rupi kembang
            Kembangna aya krisan, aya angkrek
            Estu matak lucu katingalna
            Kembangna seueur nu milari ti mamana

1.    Padamelan ramana Teti, nyaeta….
a.       ngajar murid                
b.      ngajar mahasiswa
c.       ngajaga kamanan lingkungan
2.    Ramana Teti teh….
a.       Pulisi     b. Dosen          c. guru
3.    Ibuna Teti teh….
a.       Guru                 b. Pulisi           c. dokter
4.    Padamelan ibuna Teti ngajar….
a.       murid                b. Pulisi           c. mahasiswa
5.    Ramana Tami damel di….
a.       Sakola               b. sawah          c. kantor pos
6.    Ramana Tami teh….
a.       pulisi                 b. patani          c. guru
7.    Ibuna Tami damel di….
a.       sakola               b. rumah sakit  c. bumi
8.    Padamelan ibuna Tami ngarawat….
a.       ingon-ingon      b. rupi-rupi kembang
c. orok
9.    Ramana Teti angka ka sakola…..
a.       enjing-enjing   b. tengah dinten  c. pasosonten
10.    Ramana Teti mulihna…..
a.       Wengi      b. siang       c. sonten
11.    Ibuna Teti damelna di…..
a.       rumah sakit     b. sakola          c.bumi
12.    Kembang anu dirawat ku ibuna Tami, nyaeta…
a.       eros     b. malati       c. krisan jeung angkrek
13.    Kembang anu dirawat ku ibuna Tami katingalna…….
a.       matak lucu      b. kareueut
c. geuneuk
14.    Jalmi nu padamelanana tatanen disebatna....
a.       pulisi               b. patani          c. pamayang
15.    Jalmi nu padamelanana ngala lauk di laut disebatna…..
a.       pulisi               b.patani           c. pamayang



II. Eusian titik-titik dihandap ku jawaban anu merenah
  1. Jalma nu pakasabanana dagang disebutna ………
  2. Tukang moro make bedil disebutna ………
  3. Tukang ngala lauk di laut disebutna ………
  4. Jalma nu tugasna ngajaga kaamanan nagara tina serangan musuh nyaeta ………
  5. Pulisi lalu lintas tugasna ngajaga katartiban di ………

III. Jawab pananya pananya di handap
  1. Naon ari dokter teh ?
  2. Naon ari padamelan guru ?
  3. Naon disebutna jalma nu gawena kana tatanen ?
  4. Salin ku aksara citak
Bu Rina teh bidan
  1. Salin ku aksara serat
Pa Aldi mah padagang



by Google